SI DIRUN
·
Biodata
Buku
Ø Pangarang : Samsoedi
Ø Panerbit : PT Kiblat Utama
Ø Jumlah Kaca : 64
Ø Tahun
Terbit : 2017
Ø Cetakan ka- : IV
Unsur
Unsur Novel
Ø Jejer : Robahna
watek budak nu bangor
Ø Palaku :
-
Dirun
(Palaku Utama) à Beuki ngawadul, bangor ngarobah
sikapna jadi bageur jeung jujur.
-
Ambu
Dirun à Bageur, sabar
jeung bawel
-
Bapak
Dirun à Teges jeung
sabar
-
Ua
Dirun à Koret
-
Pa
Lihun à Bageur
-
Bu
Lihun à Bageur
Ø Latar :
-
Latar
: Imah Dirun, Sakola, Sawah, Babatan, Pasisisan Karawang sisi Citarum, Pulo
kapal
-
Waktu
: Isuk, Beurang, Peuting
Ø Alur :
-
Bubuka
: Si Dirun, budak bangor anu sok ngawadul ka kolotna jeung sok nyengnyeuri hate
batur. Manehna ngawadul kakolot ngan saukur hayang duit jeung oge manehna
ngabeakeun duit bayaran sakolana jang ngajudi.
-
Mimiti
muncul masalah : Si Dirun teu balik ka imah kulantaran lalajo wayang jeung
ditubruk embe, manehna akhirna gering jeung teu sakola. Didinya manehna mikir
yen lamun manehna nurut ka kolot moal aya kajadian ciga kitu.
-
Masalah
Muncer : Si Dirun katubruk munding jeung pingsan. Kolotna nareangan Si Dirun,
jaba keur neangan Si Dirun, indungna poho yen manehna keur nyangu, akhirna imahna kahuruan langsung
indungna lumpat ka jero imah rek mawa duit. Tapi teu bisa salamet indungna Si
Dirun maot jeung bapak na maot kusabab gering.
-
Ngarengsekeun
masalah : Si Dirun di urus ku ua na anu kacida peditna, manehna inget ka kolot
jeung sok ngadoa menta rahmatna. Teu kira kira Si Dirun kabawa caah banjir
manehna kabawa ka laut jeung kapanggih ku jalma bageur jeung beunghar sarta
dijadikeun anak angkat.
-
Pungkasan
Carita : Si Dirun anu bangor jeung sok ngawadul jadi bageur tur jujur.
Alurna Merele.
Ø Amanat : Jadi
jalma kudu bageur tur jujur, tong jadi jalma anu bangor jeung tong sok ngawadul
ka kolot.
Ringkesan Carita
Si Dirun salah sahiji budak anu bangor
kaballinger manehna sok resep pisan ngabohongan kanu jadi kolotna nepika duit
bayaran oge di pake judi ku manehnamah. Saking bangorna si dirun manehna, beuki
pisan gelut jeung babaturana di ajar teu bener jeung pagaweanana ngan di
carekan bae ku bapana.
Hiji mangsa Si Dirun ngarasa dosa jeung
hanjakal kanu jadi kolot lantaran manehna sok ngabohongan wae kanu jadi kolot,
pas manehna kanyahoan judi ku kolotna sabab arloji anu pamere bapana di jual
jeung duitna di pake judi, tah ku bapana kanyahoan. Jeung deuih Si Dirun pernah
kamalinaan kusabab lalajo wayang nepi peuting pisan. Tidinya Si Dirun dicarekan
bebeakan terus manehna janji ka kolotna yen manehna moal bangor bangor deui.
Tiharita Si Dirun jadi budak bageur soleh
nurut ka kolot. Hiji mangsa si dirun indit arek ngala atanapi nyumpit manuk
kasawah, bapana nya ngizinan ngan bapana nitah ka sidirun yen manehna ulah
balik sore teuing, maneh mah sok kamalinaan. Enya wae Si Dirun mah kamalinaan
geus wanci magrib manehna can balik wae kaimah indungna neneangan, bapana
neneangan. Padahal Si Dirun teh pingsan lantaran katubruk ku munding di
sawah.
Jaba Indungna neangan Si Dirun, indungna
pohoeun yen manehna teh keur nyangu di hau, atuh ku sabab poho kitu imah Si Dirun
kadurukan indungna buru-buru lumpat kaimah lantaran hayang nyokot duit, lah
tungtungna duit teu kacokot indung sidirun maot, terus bapana datang ka imah,
ari pas nepi imahna geus kaduruk, bapana sedih pisan nepika kagegeringan ku eta
kajadian nepika maotna eta bapa Si Dirun, karunya Si Dirun jadi yatim piatu.
Si Dirun diurus ku ua na, anu kasebut
beunghar tapi medit pisan, Si Dirun teu disakolakeun tapi malah di titah ngangon
munding. Hiji mangsa maneh na kasarean keur ngangon munding. Ari pas hudang
manehna rewas yen aya banjir gede pisan, manehna indit neneangan munding tapi
da teu bisa cai na badag, manehna nyobaan ngojay eh manehna malah langsung
kabawa ku eta cai, untungna aya gebog cau anu nyalametkeun Si Dirun nepika
manehna nepi ka hiji laut. Di tulunganlah Si Dirun ku bapak anu manggihan
manehanana nyaeta Pak Lihun manehna di bawa ka imahna di urus nepika manehna diangkat
jadi anak ku lantaran Pak Lihun teu bogaeun anak.
Babaraha tahun geus kajadian eta, Si
Dirun jadi jelema sukses, bageur jeung jujur. Manehna nu ngagawean padameulan
bapak angkatna. Nepi ka bapak angkatna maot kulantaran hiji kajadian, Si Dirun
tetep jadi jelema bageur jeung nyaah ka kolot angkatna.
Comments
Post a Comment